Sunda  |  Indonesia

SAMPURASUN

Nepangkeun sim kuring saparakanca Tim Peneliti Font Aksara Sunda Universitas Padjadjaran. Dina ieu kesempetan, sim kuring saparakanca nuju nalungtik ngeunaan font aksara Sunda sangkan leuwih genah tur tumaninah nalika dilarapkeun dina komputer.

Ku kituna, sim kuring saparakanca seja umajak ka Bapa, Ibu, ogé Sadérék pikeun aub dina ieu panalungtikan, ku cara nyobian ngetik font aksara Sunda hasil Tim Peneliti Font Aksara Sunda Universitas Padjadjaran.

Salajengna, Bapa, Ibu, ogé Sadérék dipundut kanggo maparin kamandang sangkan ieu panalungtikan langkung saé.



Hatur nuhun

Tabé pun,
Tim Peneliti Unpad